Tong hariwang Loba barudak ditukang Ulah sieun aya urang digigireun Hayu berjuang Udag ngimpi Jeung kahayang Ngarah bisa gancang Ngabuktikeun
Kabeh nu hasilna gede Meunangkeun na ge pasti hese Bakal loba manggih cape Bakal ngalaman nyeri hate
Awal timana gede timana moal nepi poho najan lengkah indit jauh kamana Ikhtiaran tiap lengkah na Kuatkeun kahayang na Sabar barudak Rezeki mah moal kamana
Tong sieun ditinggalkeun loba barudak maturan Tong silih ninggalkeun nu ngarana babaturan Kuatkeun hate jeung taktak meh bisa silih muntang Saat maraneh nyeri sarua karasa ku urang
Hampura barudak urang tara mantuan Saat maraneh leumpang urang teu milu maturan Lain embung nulungan Lain ge urang itungan Ayeuna dek lumpat ge hese kabentur ku kabutuhan
Urang apal ripuhna leumpang dina jalan nu poek Titajong jeung labuh mah geus hakanan sapopoe Ieu du'a ti urang tuluy jadi jalma gelo Maju tuluy ngimpi arurang mah teu bisa di nego
Pasti loba nu ngahinakeun Pasti loba nu nyepelekeun
Tong hariwang Loba barudak ditukang Ulah sieun aya urang digigireun Hayu berjuang Udag ngimpi Jeung kahayang Ngarah bisa gancang Ngabuktikeun
Lamun hayang gancang Jug lumpat sorangan Mun hayang jauh kudu Leumpang babarengan
Sagala cara Kabeh upaya Ku aing lakukeun kabehanana Tapi nepika ayeuna Can bisa nyieun keluarga bahagia Kabeh jalan ku aing dipapay Loba ngimpi nu acan kacapai Kadang osok teu kuat nahan kanyeri Nepika panon aing cirambai
Saat batur hirupna enggeus tenang Aing didieu masih terus perang Aing masih bobolokot ku kesang Saat batur unggal poe senang-senang
Tutuluyan Kapikiran Mundur oge geus lain pilihan Hiji-hijina jalan aing kudu bisa Ngawujudkeun kabeh impian
Tong hariwang Loba barudak ditukang Ulah sieun aya urang digigireun Hayu berjuang Udag ngimpi Jeung kahayang Ngarah bisa gancang Ngabuktikeun
Jadilah yang pertama berkomentar